Thursday, July 28, 2005

Haiku bahasa Sunda

Haiku

kembang campaka
nyelip digelung mojang
merenah pisan
mojang priangan
dikembangan malati
mangle ngarambay

kelom geulisna
kelom Tasikmalaya
dikelom geulis
pipi nu koneng
gumujeng ngagelenyu
ngeunah di hate
pipi nu kempot
waos aya ku bodas
nyerengeh manis
kabaya brokat
warnana beureum euceuy
aya ku herang
wanoja di gelung
disinjang ngepas pisan
beu matak rieut

No comments: